Paribasa Sunda jeung Hartina

 

Sampurasun baraya! Postingan ini berisi daftar peribahasa atau paribasa Sunda dan artinya.

Paribasa adalah untaian kata sebagai perumpamaan perilaku yang memiliki makna kiasan yang sudah jelas. Katakata dalam paribasa Sunda biasanya lebih banyak atau lebih panjang jika dibandingkan dengan babasan.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf A

  • Abang-abang lambé nyaéta alus omongan ukur dina biwir wungkul, henteu sarua jeung dina haté. Artinya adalah bagus kata-kata di bibir saja, tidak sesuai dengan hati.
  • Abis bulan abis uang nyaéta béak bulan béak gajih, pas-pasan teu nyesa keur bulan hareup. Artinya habis bulan habis pula uang/penghasilan. Tapi habis bulan habis gaji masih mending daripada pertengahan bulan atau akhir bulan gaji sudah habis.
  • Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan nyaéta ngomong sakarepna atawa ngomong jangji engab. Artinya berbicara senaknya tanpa dipikirkan akibatnya.
  • Adam lali tapel nyaéta poho ka dulur, baraya jeung ka lemah cai. Artinya lupa pada sanak keluarga dan lupa ke kampung halaman.
  • Adat kakurung ku iga hartina nyaéta adat anu hese dirobah, artinya karakter yang sudah mendarah daging dan susah diubah.
  • Adean ku kuda beureum nyaéta ngarasa ginding ku pakéan batur atawa gaya ku barang batur. Artinya merasa gaya dengan barang orang lain. Jadi yang dibanggakan itu bukan miliknya tapi titipan atau milik orang lain.
  • Adigung adiguna nyaeta asa aing leuwih ti batur, artinya sombong atau merasa diri lebih unggul dari orang lain.
  • Adu telu ampar tiga nyaéta dimusyawarahkan (berkenaan yang sedang memperparakan urusan di pengadilan atau sedang jual beli).
  • Agul ku payung butut nyaeta agul ku turunan atawa ku barang anu teu sapira. Artinya artinya sombong oleh keturunan atau bangga dengan barang yang nilainya tidak seberapa.
  • Aki-aku tujuh mulud nyaeta geus kolot pisan, artinya sudah berumur sangat tua.
  • Aku-aku angga hartina ngaku-ngaku barang atawa pagawéan meunang batur. Artinya mengakui barang milik orang atau hasil pekerjaan orang lain.
  • Alak-alak cumampaka nyaeta hayang jeung resep dipuji ku batur, ngarasa pangpunjulna ti batur atau anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya. Artinya ingin dipuji orang, merasa paling unggul atau yang rendak ingin menyerupai yang tinggi, yang hina ingin menyerupai yang mulia.
  • Along-along bagja nyaeta teu tulus meunang bagja. Artinya tidak jadi mendapat kebahagiaan.
  • Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna hartina Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa. Artinya Allah tidak memihak pada orang yang berdosa.
  • Alus laur hade omé nyaeta alus dedeg pangadegna. Artinya adalah berbadan/ bertubuh bagus (ideal).
  • Ambek nyedek tanaga midek hartina napsu gede tapi tanaga euweuh. Artinya artinya emosi/keinginan gede tapi tak ada tenaga atau tidak mampu menyalurkan emosi/ keinginannya.
  • Ambekna sakulit bawang hartina babarian pisan ambek, jeung mun geus ambek tara sakeudeung. Artinya artinya cepat marah dan marahnya lama.
  • Anak dua keur gumunda hartina awéwé nu karék boga dua anak mah lalaki téh barogoheun. Artinya perempuan yang baru punya dua anak terlihat menarik dan banyak lelaki yang jatuh cinta.
  • Anak hiji keur gumeulis nyaeta awéwé nu kakarék boga budak hiji, katempona sok beuki geulis waé. Artinya perempuan yang baru punya satu anak, terlihat makin cantik saja.
  • Anak merak kukuncungan nyaeta sipat-sipat budak utamana sipat nu hadé éta téh nurun ti kolot. Artinya sipat anak terutama sipat baik itu menurun dari orang tuanya.
  • Anak tilu keur kumusut hartina atawa awéwé nu geus boga anak nu teu bisa ngurus dirina. Artinya yaitu perempuan yang sudah punya anak tiga yang tidak bisa mengurus diri sehingga terlihat kumel.
  • Anjing ngagogogan kalong nyaeta mikahayang nu lain-lain nu moal laksana, mikahayang perkara nu moal kasorang. Artinya menginginkan sesuatu yang tidak mungkin tercapai atau terlaksana.
  • Anjing nyampeurkeun paneunggeul hartina nyaeta ngadeukeutan pibahayaeun, nyampeurkeun nu rék nyiksa, ngarogahala, atawa nganyenyeri. Artinya mendekati bahaya atau mendekati orang yang akan menyiksa/menyakiti.
  • Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan hartina nyaeta mupuas kanu keur cilaka. Artinya menambah luka pada orang yang terluka, menyudutkan orang yang terkena masalah/musibah.
  • Anu burung diangklungan, anu gelo didogdodan, anu edan dikendangan nyaeta anu gede wadul dihaminan supaya leuwih maceuh. Artinya pembohong didengerin agar tambah parah (bohongnya).
  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna nyaeta naon wae nu mere hasil ka urang kudu diurus atawa dipiara bener-bener. Artinya apapun yang memberi hasil pada kita harus diurus baik-baik.
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed hartina geus kolot tapi kahayang jiga budak ngora. Artinya umur sudah tua tapi keinginan masih seperti anak muda.
  • Asa aing uyah kidul hartina boga rasa pangbisana atawa pang punjulna. Artinya sombong, merasa paling bisa, merasa lebih dari yang lain.
  • Asa bucat bisul hartina asa lesot tina urusan gede, beres pagawean, masalah atawa beban. Artinya lepas dari masalah, pekerjaan sulit atau beban.
  • Asa dijual payu nyaeta nguyung pedah ngarasa sorangan di pangumbaraan jauh ti indung bapa. Artinya murung sebab sendirian di perantauan karena jauh dari orang tua.
  • Asa dina pangimpian hartina teu percaya kana kaayaan nu karandapan. Artinya merasa tidak percaya dengan kejadian atau kenyataan yang dihadapi.
  • Asa dipupuk birus hartina ngarasa tibra haté. Artinya merasa tentram dan bahagia.
  • Asa ditonjok congcot nyaeta meunang kabungah anu teu diarep-arep. Artinya mendapat kebahagiaan sangat besar yang tidak disangka-sangka.
  • Asa ditumbu umur nyaeta boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna. Artinya merasa sangat berhutang budi.
  • Asa euwuh beungeutan hartina kacida pisan érana. Artinya sangat malu.
  • Asa kabur pangacian nyaeta kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget. Artinya sangat kaget/ terkejut sampai merasa tidak jelas apa yang harus dikerjakan dan hilang semangat.
  • Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas hartina kacida bungahna jeung kacida bagjana. Artinya sangat bahagia atau bahagia yang luar biasa.
  • Asa katindihan langit hartina geus euweuh harepan. Artinya tidak ada harapan.
  • Asa mobok manggih gorowong hartina kabeneran aya jalan keur ngahasilkeun maksud atawa usaha nu keur dipaju. Artinya kebetulan ada jalan untuk memuluskan maksud atau usaha yang sedang digarap.
  • Asa kiamat nyaeta pohara sedihna jeung susahna. Artinya sangat susah dan sedih yang luar biasa.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna nyaeta kacida nyaahna. Artinya sangat menyayanginya.
  • Asa nyanghulu ka jarian hartina teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna. Artinya tidak enak hati karena harus menjadi bawahan orang yang ilmu atau harkatnya di bawah.
  • Asa peunggas rancatan hartina leungiteun batur nu sok nalang dina pagawéan. Artinya kehilangan orang yang sering membantu pekerjaan.
  • Asa potong leungeun katuhu nyaeta leungiteun jalma nu pohara hadé gawéna atawa leungiteun jalma nu dipercaya. Artinya kehilangan orang yang kerjanya bagus atau kehilangan orang kepercayaan.
  • Asa rawing daun ceuli hartina mindeng ngadéngé omongan anu henteu ngeunah. Artinya sering mendengar omongan yang tidak enak didengar.
  • Asa teu beungeutan nyaeta ngarasa éra anu pohara. Artinya menanggung malu yang luar biasa.
  • Asa tungkeb bumi alam hartina asa kacida bingungna, keur poék mongkléng pipikirana. Artinya sangat bingung dan gelap pikiran.
  • Ateul dampal leungeun nyaeta gereget hayang nyabok atawa nampiling. Artinya greget mau menampar.
  • Ati mungkir beungeut nyinghareup hartina palsu; siga sono tapi henteu, siga resep tapi henteu, siga nyaah tapi henteu. Artinya palsu atau bagus di muka jelek di hati.
  • Ati putih badan bodas hartina beresih haté, taya geuneuk maleukmeuk.Artinya bersih hati tidak ada rasa benci sedikitpun.
  • Atung enéh atung enéh hartina kitu-kitu kénéh atawa euweuh parobahan. Artinya gitu-gitu aja tidak ada perubahan.
  • Aub payung, sabet sapon, sabasoba nyaeta wewengkon, ngeunaan tanah. Artinya tempat tinggal, tentang tanah.
  • Awak kawas badawang nyaeta jangkung gedé teu matut. Artinya badan tinggi besar tidak jelas bentuk.
  • Awi sadapuran tara lempeng kabéh hartina sanajan saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua. Artinya meskipun satu turunan tapi urusan milik dan rejeki tidak sama.
  • Awéwé dulang tinandé hartina awéwé nurutkeun kahayang salaki. Artinya istri menuruti keinginan suami.
  • Awéwé mah tara cari ka Batawi hartina awéwé mah tara nyiar kipayah. Artinya istri tidak pernah mencari nafkah. (Jaman sekarang banyak wanita karir yang mencari nafkah buat keluarga).
  • Aya astana sajeungkal hartina hal nu mustahil oge bisa kajadian. Artinya suatu hal yang mustahil juga bisa saja terjadi.
  • Aya bagja teu daulat nyaeta rek meunang bagja atawa untung teu tulus. Artinya akan bahagia atau dapat keuntungan tapi tidak jadi.
  • Aya cukang komo meuntas nyaeta kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan. Artinya kebetulan ada jalan untuk segera melaksanakan keinginan.
  • Aya dina sihung maung hartina jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung. Artinya orang yang punya hubungan dengan petinggi jadi mudah mendapat bantuan atau pertolongan.
  • Aya disihung maung hartina loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna. Artinya banyak kenalan para petinggi sehingga ketika mendapat kesulitan cepat dibantu.
  • Aya gantar kakaitan hartina aya hal anu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, henteu iklas atawa aya perkara nu pasambung jeung kajadian anu ti heula. Artinya tidak ikhlas, ada sesuatu yang tidak sesuai dengan hatinya tapi tidak dikatakan, atau ada urusan yang terkait dengan kejadian dulu.
  • Aya jalan komo meuntas nyaeta aya lantaran anu diarep-arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun, pas aya kahayang kabeneran aya anu ngajak atawa eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun. Artinya ada jalan yang ditunggu-tunggu untuk cepat-cepat melaksanakan maksud, pas mau kebetulan ada yang ngajak, atau ada maksud terus ada jalannya.
  • Aya jodo pakokolot nyaeta bisa ngajodo sanggeus papada kolot. Artinya bisa berjodoh setelah masing-masing sudah tua.
  • Aya jurig tumpak kuda nyaeta aya milik anu teu disangka-sangka. Mendapat rejeki secara tidak terduga.
  • Aya kélong néwo-néwo hartina aya anu ngusutkeun (ngarorocét), padahal geus bérés pisan tadina mah. Artinya ada yang mengacaukan padahal sebelumnya sudah beres.
  • Aya nu dianjing cai hartina aya nu diarep-arep atawa digeroan. Artinya ada yang diincar atau ada yang ditunggu-tunggu.
  • Aya pikir kadua leutik nyaeta aya kahayang. Artinya menyimpan keinginan.
  • Aya hate kadua leutik hartina miboga kahayang anu teu kedal. Artinya menyimpan keinginan yang belum disampaikan.
  • Aya pikir kapingburi hartinya nyaeta aya kahayang anu timbul pandeuri atawa sanggeus lila ditimbang-timbang asal teu hayang jadi hayang. Artinya ada keinginan yang muncul belakangan, setelah ditimbang-timbang asalnya tidak mau jadi mau.
  • Ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang hartina kaayaan anu teu sawajarna upamana baé anu dihukum téh anu teu pira kasalahanana, ari nu gedé kasalahanana teu dihukum. Artinya menunjukkan pada keadaan yang tidak sewajarnya. Misalnya orang yang tidak bersalah dihukum, sedangkan yang bersalah tidak dihukum.
  • Ayakan tara meunang kancra nyaeta nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana. Artinya orang bodoh dan orang pintar tidak akan sama derajat dan penghasilannya.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf B

  • Babon kapurba ku jago nyaeta awéwé kudu nurut ka salaki. Artinya istri harus nurut pada suami.
  • Bali geusan ngajadi hartina lemah cai tempat kalahiran. Artinya kampung halaman tanah kelahiran.
  • Balung kulit kotok meuting nyaeta teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari. Artinya tidak henti-hentinya sakit hati dari dulu sampai sekarang.
  • Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan hartina rido, iklas, suka pisan. Artinya sangat ikhlas, ridho dan tidak ada kebencian sedikit pun.
  • Banda sasampiran, nyawa gagaduhan nyaeta ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang. Artinya jangan punya anggapan harta dan umur punya kita, semua hanya titipan.
  • Banda tatalang raga nyaeta lamun urang papanggih jeung karerepet, upamana gering ulah lebar ngajual barang nu aya pikeun ngubaran awak sangkan cageur. Artinya jangan sungkan menjual barang untuk menolong diri, misalnya menjual barang untuk berobat supaya sembuh lagi.
  • Banteng ngamuk gajah meta hartina kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis. Artinya kejadian atau peristiwa yang menakutkan.
  • Batan kapok kalah gawok hartina lain eureun tapi kalah beuki maceuh atawa kalah deudeuieun. Artinya bukan berhenti atau kapok malah mau lagi atau terus-terusan.
  • Batok bulu eusi madu nyaeta tumiba lain kana pitempateunana. Artinya bukan pada tempatnya/ tidak pantas.
  • Batok kohok piring semplék hartina parabotan nu euweuh hargana. Artinya perabotan yang tidak ada nilainya/ harganya.
  • Batu turun keusik naék hartina cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daék, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana. Artinya sama-sama mau, sama-sama suka, sama-sama setuju, atau sama-sama cinta.
  • Batur ngaler ieu ngidul nyaeta teu sarua jeung nu keur diomongkeun ku batur. Artinya tidak sesuai dengan topik pembicaraan orang lain atau OOT (out of topic).
  • Bau-bau sinduk nyaeta baraya kénéh sanajan laér. Artinya masih saudara meskipun jauh (jauh hubugannya, bukan jauh jaraknya).
  • Béak ka lebu-lebuna hartina ledis, harta benda teu nyesa saeutik-eutik acan. Artinya ludes, harta benda tidak tersisa sedikitpun.
  • Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai hartina lubak-libuk tapi henteu bisa kapaké lantaran lain hakna. Artinya banyak harta tapi tidak bisa dipakai sebab bukan hak miliknya.
  • Beuheung teukteukeun suku genteng belokeun hartina sadaya-daya rek dikumaha oge pasrah. Artinya pasrah mau diapa-apain juga sebab merasa bersalah.
  • Béja mah béja hartina béja ulah waka dipercaya. Artinya informasi yang belum dibuktikan sendiri jangan dulu dipercaya sebab belum jelas kebenarannya.
  • Belang bayah gindi pikir hartina boga pikiran goreng ka papada kawula. Artinya punya pikiran jelek pada sesama manusia.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok nyaeta babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka. Artinya bersama-sama dalam berbagai keadaan, baik bahagia atau tidak.
  • Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang nyaeta kabisana ngan nitah, teu daék prak sorangan. Artinya bisanya cuma nyuruh dirinya sendiri tidak mau bekerja.
  • Beungeut nyanghareup ati mungkir hartina naon nu diucapkan henteu terus jeung haté. Artinya ucapannya tidak sesuai dengan hati, mukanya A hatinya B.
  • Beunghar méméh boga nyaeta loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan atawa kaboga dirina. Artinya banyak keinginan yang tidak seimbang dengan kondisi dirinya.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung hartina pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali. Artinya berterima kasih yang tidak terhingga sehingga sulit diucapkan dengan kata-kata.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeun nana hartina kacida narimakeunana kana kahadéan batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna. Artinya sangat berterima kasih atas kebaikan orang sehingga rasa terima kasih itu susah diungkapkan.
  • Beuteung mutiktrik berekat meunang hartina dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat. Artinya makan kenyang pulang membawa bingkisan.
  • Beuteung si éta mah ruas bungbas hartina teu aya kaseubeuhan. Artinya tidak pernah kenyang.
  • Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar hartina jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna. Artinya zaman sudah berubah, pekerjaan dan perilakunya sudah berubah.
  • Bilatung ninggang dagé nyaeta bungah pisan. Artinya sangat senang, sangat gembira, sangat bahagia.
  • Bilih aya turus bengkung nyaeta bisi salah pokpokanana. Artinya takutnya salah perkataannya.
  • Bisa ka bula ka balé hartina bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, bisa kaditu kadieu atawa bisa gawé kasar jeung gawé lemes. Artinya bisa bergaul dengan orang dari berbagai golongan, bisa masuk ke sana ke mari, atau bisa bekerja apapun.
  • Bisi aya ti cai ti geusan mandi nyaeta bisi aya nu kasigeung atawa ka-toél mamaras rasana. Artinya takutnya ada yang tersinggung perasaan.
  • Biwir nyiru rombéngeun nyaeta resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban/rusiah boh nu sorangan boh nu batur. Artinya suka menyebarkan rahasia/ aib sendiri atau orang lain.
  • Biwir sambung lémék, suku sambung léngkah hartina henteu milu kana tanggung jawabna mah, ngan ieu mah saukur nepikeun duméh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian. Artinya tidak ikut bertanggung jawab cuma menyampaikan pesan sebab diutus.
  • Bluk nyuuh blak nangkarak hartina kabina-bina rajina dina enggoning nyiar kipayah. Artinya sangat rajin mencari nafkah.
  • Bobo sapanon carang sapakan hartina aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana. Artinya ada kecewa sebab ada kekurangan atau kerusakannya.
  • Bobot pangayun timbang taraju hartina kabéh anu dipigawé kudu pinuh tinimbangan. Artinya semua yang dikerjakan harus penuh pertimbangan.
  • Boga pikir rangkepan hartina henteu bolostrong atawa henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis. Artinya waspada, tidak mudah percaya pada kata-kata manis.
  • Bodo kawas kebo nyaeta paribasa Sunda anu hartina bodo kacida, yaitu sangat bodoh.
  • Boga sawah saicak hartina boga sawah saeutik. Artinya punya sawah sedikit.
  • Boga saku dua hartina waspada teu babari kabobodo. Artinya waspada tidak mudah dibodohi.
  • Bojo dénok sawah ledok hartina hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup. Artinya hidup senang sebab punya istri cantik dan kaya raya.
  • Bonténg ngalawan kadu hartina nu leutik ngalawan nu gedé. Artinya yang kecil melawan yang besar.
  • Borangan ku surak nyaeta éraan dina gempungan jalma réa. Artinya pemalu di depan umum.
  • Bosongot badé amprotan hartina beungeutna pikagigiseun, pikagimireun, pasemon jagoan. Artinya mukanya menyeramkan, menakutkan, seperti wajah jawara.
  • Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah nyaeta jalma beunghar loba harta di mana-mana. Artinya kaya raya, hartanya di mana-mana.
  • Buah ragrag moal jauh tina tangkalna nyaeta sipat anak moal jauh tina sipat kolotna. Artinya sama dengan peribahasa buah jatuh tidak jauh dari pohonnya, yaitu sifat anak tidak jauh dari sifat orangtuanya.
  • Bubu ngawaregan cocok hartina méré naséhat atawa nyieun aturan anu nguntungkeun sorangan. Artinya memberi nasihat atau membuat aturan yang menguntungkan diri sendiri.
  • Buburuh nyatu diupah béas nyaeta nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih. Artinya belajar sambil dibayar atau digaji.
  • Budak bau cikur hartina nyaeta budak keneh anu can nyaho nanaon. Artinya anak kecil yang belum tahu apa-apa.
  • Budak bau jaringao kénéh hartina budak can aya kanyaho, budak olol-lého. Artinya anak yang belum tahu/ngerti apa-apa.
  • Budak keur meujeuhna bilatung dulang hartina budak keur meujeuhna daék barang dahar. Artinya anak yang sedang suka-sukanya makan.
  • Budak kamari sore hartina budak leutik keneh can dewasa. Artinya anak kecil yang belum dewasa.
  • Budak olo lého nyaeta budak anu can aya kanyaho. Artinya anak yang belum tahu apa-apa.
  • Budak rodék hulu hartina budak can aya kanyaho. Artinya anak yang belum tahu apa-apa.
  • Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah hartina ari goloyoh kawas santri tapi sok ceceremed. Artinya gaya mirip santri tapi tingkah laku buruk.
  • Buluan belut, jangjangan oray hartina pamohalan kajadian. Artinya tidak mungkin terjadi.
  • Buncir leuit loba duit nyaeta beunghar sagala boga taya kakurang. Artinya kaya raya tidak kekurangan.
  • Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang hartina ginding loba pakéan anu aralus dipaké. Artinya gaya banyak pakaian bagus yang dipakai.
  • Buruk-buruk papan jati hartina hadé goréng ogé dulur sorangan. Artinya baik buruk juga saudara sendiri.
  • Burung palung dulur sorangan hartina sanajan ngéwa/keuheul/ pikakeuheuleun oge da dulur sorangan dimana meunang karerepet mah moal ngantep. Artinya meskipun marah pada saudara sendiri kalau dia ada kesulitan tidak bisa membiarkannya dalam kesulitan.
  • Paribasa Sunda dan artinya dari huruf C
  • Caang bulan dadamaran hartina migawé hal nu teu perlu deui. Artinya mengerjakan sesuatu yang tidak perlu lagi.
  • Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan hartia rido pisan teu goreng hate. Artinya rido, ikhlas tak punya hati buruk.
  • Caang padang narawangan hartina caang pisan atawa bisa nénjo ku panon batin ka tempat gaib. Artinya sangat terang atau bisa melihat hal ghaib dengan mata batin.
  • Cacah rucah atah warah hartina dianggap taya ajenna sarta bodo. Artinya dianggap bodoh dan tidak punya harga diri.
  • Cadu mungkuk haram dempak nyaeta sumpah anu bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara. Artinya sumpah yang benar-benar tidak mau/ tidak akan melakukan suatu perkara.
  • Cadu ngalantung ka lisung hartina awéwé henteu daék buburuhun. Artinya perempuan tidak mau buburuhun.
  • Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo nyaeta sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering. Artinya serba tak enak karena sedang susah atau sedang sakit.
  • Cai di hilir mah kumaha ti girangna hartina rahayat leutik mah sok nyonto kalakuan parningpinna. Artinya rakyat kecil suka mencotoh/mengikuti pemimpinnya.
  • Caina hérang laukna beunang nyaeta hasil pamaksudan ku cara lantip bari teu aya pacengkadan. Artinya tercapai tujuan secara rapih tanpa meninggalkan masalah, sukses tanpa ekses.
  • Campaka jadi di reuma hartina nu geulis urang kampung/ lembur lain pipanteseunana aya di pasisian. Artinya yang cantik orang kampung tidak pantas ada di perkampungan.
  • Cangkir emas eusi delan hartina omonganana mah alus matak percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya. Artinya kata-katanya bagus bikin tertarik tapi hatinya jahat dan membahayakan.
  • Cara bueuk meunang mabuk hartina ngeluk baé, teu lemék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra tawa sieun. Artinya menunduk tanpa bicara atau berbuat apa-apa karena malu atau takut.
  • Cara gaang katincak hartina jempling pisan. Artinya diam/ sepi banget.
  • Cara hurang, tai ka hulu-hulu hartina bodo kacida. Artinya sangat bodoh.
  • Cara jogjog mondok hartina carékcok baé, gandéng naker. Artinya cekcok terus, sangat berisik.
  • Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung hartina pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur. Artinya sangat bodoh, mudah dibohongi atau gampang ditipu orang.
  • Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket hartina taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh. Artinya siap siaga menjaga keamanan, menjaga rumah takutnya ada bahaya.
  • Cicing dina sihung maung nyaeta jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang,  deukeut jeung gegeden. Artinya orang yang bakal nyusahin, punya relasi orang penting.
  • Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok hartina ku leukeun mah nu hese oge lila-lila jadi bisa, sanajan bodo oge ari leukeun diajarmah lila-lila oge bisa. Artinya rajin pangkal pandai, meskipun susah kalau terus menerus belajar pasti bisa.
  • Cilaka dua belas nyaeta cilaka gede atawa cilaka anu pohara. Artinya celaka luar biasa.
  • Cileuncang mandé sagara, cécéndét mandé kiara, hunyur nandéan gunung hartina nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana. Artinya menyamai gaya hidup orang yang harkat, derajat, atau hartanya di atas kita.
  • Ciri sabumi cara sadésa hartina béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana. Artinya beda tempat beda adat dan kebiasaan.
  • Clik putih clak hérang hartina kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk. Artinya tulus ikhlas tak ada itikad jelek.
  • Congo-congo ku amis, mun rék amis gé puhuna nyaeta anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan. Artinya anak-anaknya nakal sebab orangtuanya tidak ngasih contoh yang baik.
  • Cueut ka hareup hartina geus kolot, téréh maot. Artinya sudah tua, segera dijemput ajal.
  • Cueut ka nu hideung, ponténg ka nu konéng hartina pilih kasih atawa teu adil. Artinya tidak adil, berat sebelah atau pilih kasih.
  • Cukang tara néangan nu ngising hartina nu butuh nu kudu datang nyampeurkeun. Artinya yang butuh yang harus menghampiri.
  • Cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa hartina jauh ka dulur, jauh ka baraya, jauh ka sasaha. Artinya jauh ke sanak saudara, jauh ke tetangga.
  • Cukup belengur baraga naya hartina resep méré atawa mantuan ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan. Artinya suka memberi atau menolong orang lain tapi tidak memerhatikan keperluan sendiri.
  • Cul dogdog tinggal igel hartina ninggalkeun gawé matuh lantaran migawe pagawéan séjén nu teu aya hasilna. Artinya meninggalkan pekerjaan baku sebab melakukan pekerjaan lain yang tak ada hasilnya.
  • Cécéndét mandé kiara cileuncang mandé sagara hartina nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar. Artinya wong cilik ingin menyamai orang besar/ orang kaya.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf D

  • Dagang oncom rancatan emas = Modal nu kacida gedéna, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha. Artinya tidak seimbang antara modal dengan barang yang dijual dan untungnya tidak seberapa. Modalnya terlalu besar, sedangkan barang dan untungnya kecil.
  • Dagang peda ka Cirebon = Dagang barang ka tempat nyieun éta barang. Artinya dagang barang ke tempat pembuatannya.
  • Dagang pindang ka Cirebon = Dagang barang ka tempat nyieun éta barang. Artinya dagang barang ke tempat pembuatan barang tersebut.
  • Dah bawang dah kapas = Jual-beuli kontan; tah barangna tah duitna. Artinya jual beli tunai, ada uang ada barang.
  • Dahar kawas meri = Uprat-aprét jeung ngaréméh. Artinya makan acak-acakan seperti bebek banyak remeh.
  • Daharna sakésér daun = Daharna mindeng pisan. Artinya sering sekali makan.
  • Daluang katinggang mangsi = Susuganan katuliskeun aya jodo (waris). Artinya berharap dicatat mendapat bagian waris.
  • Datang katénjo tarang, undur katénjo punduk = Tatakrama nu amit-amitan, némbongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh. Artinya datang permisi, pulang juga pamit menandakan tidak ada masalah.
  • Daék macok, embung dipacok = Jelema nu hayang meunang (untung) sorangan, daék menta embung dipénta. Artinya orang licik yang mau untung sendiri, mau minta tapi tidak mau dipinta.
  • Desa maca cara nagara mawa tata = Ngagambarkeun yen kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda. Artinya kebiasaan atau adat istiadat di desa dan kota berbeda.
  • Deukeut deuleu pondok léngkah = Kurang pamandangan jeung teu bébas dina indit-inditan. Artinya kurang wawasan/pengalaman dan tidak bebas bepergian jauh.
  • Deukeut-deukeut anak taleus = Sakitu padeukeut teu nyaho yén baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranéhanana. Artinya tidak tahu saudara atau ada kejadian di sekitarnya padahal dekat.
  • Deungeun-deungeun balangbalangan = Teu baraya atawa teu dulur saeutik oge. Artinya bukan saudara sedikitpun.
  • Deungeun-deungeun haseum = Taya baraya saeutik-eutik acan. Artinya tidak ada hubungan saudara sedikitpun.
  • Di bawah tangan = Teu maké saksi ti pihak nu resmi. Artinya ilegal atau tidak resmi.
  • Dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa = Lantaran dibéré wani saeutik, jadi beuki loba paméntana sarta nyalutak (jalma kurang ajar). Artinya sama dengan dikasih hati minta jantung, yaitu dikasih sedikit minta banyak.
  • Didago-dago tilewu = Hanas didagoan, ari pék teu datang. Artinya ditunggu-tunggu tidak kunjung datang.
  • Didagoan ku sééng nyéngsréng = Dipikabutuh ayeuna. Artinya dibutuhnya segera, ditunggu kebutuhan mendesak.
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih = Sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran; baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. Artinya segala yang terjadi hari ini sudah ditentukan Tuhan.
  • Dihurunsuluhkeun disakompétdaunkeun = Disamarutkeun jeung nu boga dosa; nu goreng saurang, kabeh kababawa. Artinya disamaratakan dengan yang bersalah atau berdosa.
  • Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot = Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug baé. Artinya orang tidak bisa dijadikan apa-apa.
  • Dijieun lalab rumbah = Disapirakeun, henteu diajénan. Artinya disepelekan tidak dihargai.
  • Dikepung wakul buaya mangap = Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna. Artinya dikepung oleh musuh dengan persenjataannya yang lengkap.
  • Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban = Ditambang, ditalak henteu, dinapakahan ogé henteu; dipiara tapi teu diurus dahar-pakéna. Artinya dinikahi tapi tidak dinafkahi, tidak diceraikan tapi tidak diurus, dipiara tapi tidak diurus/dirawat.
  • Diperih pati turta gawé = Dibéré papancén nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati. Artinya dimintai kerjanya, dedikasi atau pengorbanannya.
  • Dipiamis buah gintung = Disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng jeung jahat. Artinya disangka baik tapi buktinya jelek dan jahat.
  • Dipisudi méré budi = Dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan. Artinya diinginkan/dicintai tapi malah memberi perangai tak sedap/membenci.
  • Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang = Dihukum pati, dihukum beurat pisan. Artinya dihukum berat seberat-beratnya.
  • Disuhun dina embun-embunan = Ditarimakeun pisan. Artinya sangat diterima, sangat menerima kebaikan/pemberian orang.
  • Ditangtang diténgténg dijieun bonténg sapasi = Dianggap anéh atawa modél. Artinya dianggap aneh atau unik.
  • Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup = Kekecapan keur awéwé anu kacida geulisna, taya cawadeunana. Adalah untuk menggambarkan perempuan yang sangat cantik dan bertubuh bagus tanpa cela sedikitpun.
  • Ditiung méméh hujan = Kudu iatna saméméh cilaka. Artinya jaga-jaga atau persediaan sebelum terjadi sesuatu yang tidak diharapkan. Maknanya sama dengan peribahasa sedia payung sebelum hujan.
  • Ditiung sanggeus hujan = Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka. Artinya baru persediaan setelah kejadian.
  • Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur = Ngalindeukan lanjang (mojang) pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin kop ku batur. Artinya jagain calon istri orang, he. Sedang gadis dideketin, tapi nikahnya sama orang lain.
  • Ditulis tonggong = Dibokong, nu boga hadas teu dibéjaan atawa teu dibawa mupakat heula. Artinya ditunjuk (menjabat) tanpa konfirmasi/ meminta persetujuan.
  • Dosa salaput hulu = Dosa anu geus kacida lobana. Artinya dosa yang sangat banyak.
  • Dug hulu pet nyawa = Usaha satékah polah méh taya eureunna. Artinya usaha mati-matian.
  • Dug tinetek pet nyawa = Digawé beurat méh taya eureunna. Artinya kerja keras tanpa henti.
  • Dulur pet ku hinis = Dulu landes/ dulur deukeut. Artinya saudara kandung, saudara dekat.
  • Déngdék tapi maliding sanak = Pilih kasih, teu adil. Artinya pilih kasih atau tidak adil, pengertiannya sama dengan arti babasan Sunda déngdék topi.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf E

  • Endog mapagahan hayam = Budak mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina.
  • Endog sapataragan tara megar kabéh = Di antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya baé anu teu pati alus milikna.
  • Endog sasayang, peupeus hiji peupeus kabéh = Mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codéka, sok mamawa ka saréréa.
  • Endog tara megar kabéh = Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  • Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = Hirup kudu nungtut nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat sarta kudu siger tengah

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf G

  • Gedé gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar anggang, dipaké pancir ngajedig = Ngeunaan ka jelema anu jangkung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goréng. Artinya orang yang tinggi dan berbadan kekar tapi tidak bisa bekerja.
  • Gedé gunung pananggeuhan = Boga andelan dulur beunghar atawa jeneng dina aya karerepet atawa butuh pitulung éta andelan teh bisa nulungan ku kabeungharan atawa kakawasaanna. Artinya punya beking orang kaya atau penguasa yang bisa menolong jika mengalami kesulitan atau membutuhkan pertolongan.
  • Getas harupateun, pingges harepan = Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur. Artinya mudah menyalahkan atau manghakimi orang lain.
  • Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma = Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun. Artinya rupa bagus tapi kampungan dan pemalu.
  • Gindi pikir belang bayah = Goréng haté, julid. Artinya iri dengki, julid, hatinya kotor.
  • Giri lungsi tanpa hina = Nu luhur jeung nu handap sarua baé ulah dihina. Artinya yang di atas atau yang di bawah sama saja jangan dihina.
  • Goong nabeuh manéh = Ngunggulkeun diri sorangan. Artinya menyombongkan diri sendiri.
  • Goong saba ka ria = Nonjolkeun manéh sangkan kapaké ku dunungan; datang sorangan ka nu hajat sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawé sangkan seubeuh dahar. Artinya cari muka demi jabatan atau isi perut.
  • Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi = Euweuh anggeusna, euweuh béakna. Artinya tidak ada ujungnya atau tidak ada akhirnya.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf H

  • Hadé gogog hadé tagog = Jalma sopan; hadé basa jeung tingkah lakuna. Artinya orang yang baik budi bahasa dan tingkah lakunya.
  • Hadé ku omong goréng ku omong = Omongan nu hadé balukarna hadé jeung omongan nu goréng, goréng deui balukarna. Artinya perkataan yang baik akan berakibat baik, kata-kata jelek akan berakibat jelek.
  • Halodo satahun lantis ku hujan sapoé = Kahadéan anu sakitu lilana leungit ku ngalakukeun kagorengan sakali; kahadean anu sakitu gedéna leungit ku kasalahan sapoé. Artinya kebaikan sekian lamanya atau sekian banyaknya hilang oleh sekali melakukan kejelekan atau kesalahan.
  • Hambur bacot murah congcot = Goréng biwir jeung sok mindeng nyarékan tapi béréhan sok daék barangbéré; goréng bahasa tapi béréhan. Artinya mulutnya tajam tapi suka memberi/ dermawan.
  • Hanteu gedag bulu salambar = Henteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan. Artinya tidak takut sedikitpun.
  • Hapa hapa gé ranggeuyan = Miskin miskin ogé ari salaki nu ngurus mah boga. Artinya meskipun miskin tapi masih punya suami yang ngurus dan melindungi.
  • Haripeut ku teuteureuyeun = Babari katarik ku pangabita, gancang atoh dina meunangna rejeki teu ngingetkeun balukarna. Artinya mudah tergiur iming-iming tanpa memikirkan sumber dan akibatnya.
  • Harus omong batan goong = Béja sok gampang jeung gancang nerekab lantaran sok pabéja-beja. Artinya informasi cepat menyebar sebab biasanya viral.
  • Hayang untung jadi buntung = Hayang untung tapi kalah rugi. Artinya mau untung malah rugi.
  • Heueuh heueuh bueuk = Dina biwir satuju tapi teu sarua jeung haténa. Artinya setuju di mulut tapi tidak sesuai isi hatinya.
  • Heureut deuleu pondok léngkah = Kurang kanyaho sabab tara ngalanto kanu jauh. Artinya kurang wawasan sebab tidak pernah bepergian.
  • Hirup ku panyukup gedé ku paméré = Samahi mahi paméré batur baé sabab teu daek nyiar kipayah sorangan. Artinya merasa cukup dengan pemberian orang karena tidak mau ikhtiar sendiri.
  • Hirup nuhun paéh dirampés = Pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon. Artinya pasrah tidak punya keinginan apapun.
  • Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja = Kudu bageur kudu hadé laku lampah supaya alus kacaritakeunana. Artinya hidup harus baik supaya dikenang kebaikannya.
  • Hulu dugul dihihidan = Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung. Artinya orang yang sedang gembira tambah bahagia, orang untung tambah untung.
  • Hunyur nandéan gunung = Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana. Artinya menyaingi orang yang harkat derajat dan hartanya di atas kita.
  • Hurung nangtung siang leumpang = Nu beunghar pangabogana dipaké; ginding sabab maké papakéan atawa perhiasan anu aralus. Artinya orang kaya yang kekayaannya dipakai, gaya karena memakai pakaian atau perhiasan yang bagus.
  • Hutang salaput hulu = Hutangna kaditu kadieu. Artinya terlilit hutang, punya banyak utang.
  • Hérang caina beunang laukna = Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri. Artinya tercapai maksud tanpa melukai orang lain, sukses tanpa ekses.
  • Hérang hérang kari mata, teuas teuas kari bincurang = Baréto mah beunghar ayeuna kari miskinna. Artinya dulu kaya tapi sekarang miskin.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf I

  • Indung lembu bapa banténg = Indung jeung bapa turunan ménak jeung beunghar. Artinya ibu bapanya keturunan menak dan orang kaya.
  • Inggis batan maut hinis = Paur pisan atawa pohara risina. Artinya sangat ngeri, sangat khawatir.
  • Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang = Inggis jeung paur kabina bina. Sangat khawatir atau ngeri.
  • Ipis kulit beungeut = Gedé kaéra artinya pemalu.
  • Iwak nangtang sujén = Ngadeukeutan pibahayaeun atawa wani nyorang picilakaeun. Artinya mendekati atau berani melewati marabahaya.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf J

  • Jabung tumalapung sabda kumapalang = Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur siga nu nyaho padahal teu nyaho nanaon. Artinya ikut bicara kadang-kadang memotong pembicaraan orang seperti tahu padahal tidak.
  • Jadi maung malang = Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe. Artinya terkait lelaki yang menghalangi jodoh seorang perempuan.
  • Jadi sabiwir hiji = Jadi carita jalma loba artinya jadi bahan pembicaraan atau trending topik.
  • Jadi senén kalemékan = Mindeng dicaritakeun batur. Artinya sering dibicarakan orang.
  • Jalma atah warah = Teu narima didikan sacukupna, artinya kurang mendapat didikan.
  • Jaman cacing dua saduit = Jaman baheula pisan, artinya jaman dahulu kala.
  • Jangkung gede simar dada bewos temros taya papadana = Jangkung gede beungeutna pikagimbireun. Artinya tinggi besar wajahna seram berwibada dan bikin nyali ciut.
  • Jati kasilih ku junti = Pribumi kaéléhkeun ku semah, artinya pribumi yang tersingkirkan atau terkalahkan oleh tamu.
  • Jauh jauh panjang gagang = Hanas jauh jauh oge dijugjug ngan hanjakal teu hasil atawa indit jauh teu beubeunangan. Artinya pergi jauh-jauh tapi tidak berhasil.
  • Jauh ka bedug = Dusun, euweuh kanyaho. Artinya kampungan tidak tahu apa-apa.
  • Jauh ka bedug anggang ka dayeuh = Dusun, teu nyaho di tata-titi, duduga jeung peryoga. Artinya dusun tidak tahu tatakrama.
  • Jawadah tutung biritna = Sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana. Artinya beda bangsa beda adat kebiasaannya.
  • Jeung léwéh mah mending waléh = Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita. Artinya lebih baik bicara menyampaikan keinginan daripada menyimpan rasa bingung.
  • Jogjog neureuy buah loa = Milampah anu moal pihasileun atawa mikarep ka anu lain babad. Artinya mengharapkan sesuatu yang tidak mungkin berhasil atau mengharapkan jodoh yang tidak sederajat.
  • Jéjér pasar lumrah baé = Meujeuhna. Mun ka lalaki, kasép henteu goréng henteu, mun awéwé goreng henteu geulis henteu. Artinya sedang-sedang saja, tidak tampan tidak jelek, tidak cantik tidak jelek.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf K

  • Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak = Sauyunan, silih anteur kahayang. Artinya rukun seiring sejalan.
  • Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran = Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga jeung moal aya kamajuan. Artinya orang yang jahat, jail dan dengki tidak akan ada kemajuan.
  • Kabawa ku sakaba-kaba = Kabawa ku anu teu puguh. Artinya terbawa arus pergaulan buruk.
  • Kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria, kakoncara ka mancanagara = Kasohor pisan, kawéntar kamana mana. Artinya terkenal ke mana-mana.
  • Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa kana hiji perkara, kabawa susah sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana. Artinya terbawa susah/terlibat masalah meskipun tidak salah/tidak ikut campur.
  • Kahieuman bangkong = Katempo beunghar pedah kapihaéan barang batur, teu boga ngan disangka aya padahal nu batur. Artinya terlihat terlihat kaya/mampu padahal barang titipan.
  • Kai teu kalis ku angin = Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan. Artinya setiap orang suatu saat akan mengalami kesusahan.
  • Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait = Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana. Artinya daripada akhirnya bikin susah, lebih baik diceritakan dulu di awal apa yang akan bikin susah.
  • Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung = Kajeun teuing capé gawé asal bisa dahar kalawan cukup. Artinya lebiih baik cape kerja dapi asal kebutuhan tercukupi.
  • Kalapa bijil ti cungap = Rusiah kaluar ti dirina. Artinya rahasia keluar dari mulut sendiri.
  • Kandel kulit beungeut = Euweuh Kaéra artinya tidak punya rasa malu.
  • Katempuhan buntut maung = Katempuhan piomongeun, nanngung akibat goreng tina pagawéan/kasalahan batur. Artinya menanggung akibat buruk dari kesalahan orang lain.
  • Katumbuan catur kadatangan carita = Loba anu embung sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan. Artinya banyak yang tidak mau karena mendengar caci maki.
  • Kawas anjing kadempét lincar = Gogorowokan menta tulung atawa nitah ka batur kawayan teu sabar bari ambek ambekan. Artinya teriak-teriak minta tolong atau menyuruh orang lain dengan tidak sabar bahkan sambil marah-marah.
  • Kawas anjing tutung buntut = Teu daék cicing artinya tidak mau tinggal diam.
  • Kawas beusi atah beuleum = Beungeutna beureum awahing ku ambek. Artinya wajahnya merah karena marah.
  • Kawas ka budak rodék hulu = Teu ngajenan, teu ngahargaan pisan. Artinya tidak menghargai seperti pada anak kecil.
  • Kawas bueuk meunang mabuk = Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempé teu nyarita. Artinya menunduk lemah atau diam seribu bahasa.
  • Kawas cai dina daun taleus = Ukur ngaliwat taya tapakna. Artinya tidak ada bekasnya, tidak membekas.
  • Kawas cucurut kaibunan = jelema anu goréng patut pisan. Artinya orang yang buruk rupa tidak sedap dipandang mata.
  • Kawas hayam keur endogan = Cilingcingcat baé, teu bisa cicing, sok teu sabar atawa gelisah nungguan nu arep arep. Artinya ke sana ke mari, tidak bisa tinggal diam, tidak sabaran atau gelisah menunggu sesuatu yang ditunggu-tunggu.
  • Kawas hayam panyambungan = Tacan nyaho di kalér kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat. Artinya tidak tahu keadaan, bingung harus ngapain maklum masih baru.
  • Kawas jog-jog mondok = Teu daék répéh artinya tidak mau diam atau berisik.
  • Kawas kacang ninggang kajang = Ngomongna norostos bari tarik, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan. Artinya bicara keras dan cepat biasanya diumpamakan seorang perempuan yang sedang marah.
  • Kawas kapuk kaibunan = Leuleus, murungkut sieun tina tadina pepedengkreng. Artinya lemas, lemah, ketakutan.
  • Kawas kuda leupas ti gedogan = Sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu asa bebas tina aturan kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker. Artinya semena-mena mengikuti hawa nafsu merasa bebas dari aturan.
  • Kawas lauk asup kana bubu = Gampang asup kana pagawéan/ perkara tapi hese kaluar. Artinya mudah masuk tapi susah keluar (terperangkap).
  • Kawas munding ditendok = nurut, dibawa kukumaha oge nuturkeun. Artinya menuruti/mengikuti saja tanpa melawan.
  • Kawas nu dipupul bayu = Leuleus taya tangan pangawasa. Artinya lemah tidak bertenaga.
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman = Sok hayang nu lain lain sanajan matak ngarepotkeun ka kulawargana. Artinya suka ingin yang aneh-aneh, keinginan ingin terpenuhi meskipun bikin repot keluarganya.
  • Kawas siraru jadi = Jelema pabaliut bakating ku lobana. Artinya orang-orang berkerumun sangat banyak.
  • Kawas wayang pangsisina = Ngeunaan jelema nu goréng rupana. Artinya orang yang buruk rupanya.
  • Keur meujeuhna bilatung dulang = Barudak laleutik kénéh pisan keur meujeuhna bareuki dahar. Artinya anak-anak masih kecil lagi senang-senangnya makan.
  • Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita = Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki. Artinya sedang kaya-kayanya.
  • Keur nuju béntang surem = Keur sué atawa tiis badan. Artinya sedang naas.
  • Kiceupna sabedug sakali = Pohara lungguhna. Artinya sangat pendiam.
  • Kiruh ti girang kiruh ka hilir = Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna ogé milu teu bener milu teu bageur. Artinya jika dari orang atasnya tidak baik maka ke bawahnya juga tidak baik.
  • Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran = Siga kekedemes atawa mangpang-meungpeung. Artinya diumpamakan orang yang seumur-umur tidak punya lalu mendapat rejeki banyak sikapnya seperti aji mumpung.
  • Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam = Kacida teu bogana. Artinya melarat.
  • Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Jelema anu pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur lain kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona. Artinya orang yang ikut-ikutan melakukan suatu perbuatan akibat terbawa arus, bukan dari keinginan sendiri sehingga terkesan jelek.
  • Kudu bisa kabulu kabalé = Kudu bisa mawa awak. Artinya harus bisa membawa diri.
  • Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik. Artinya harus bisa mengatur keuangan supaya penghasilan sedikit cukup untuk kebutuhan dan bisa menabung.
  • Kudu bisa pindah cai pindah tampian = Kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan. Artinya harus bisa beradaptasi/menyesuaikan diri dengan lingkungan baru.
  • Kudu boga pikir kadua leutik = Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga. Artinya jangan ceroboh harus waspada.
  • Kudu hadé gogog hadé tagog = Hadé basa jeung tingkah lakuna. Artinya harus bagus bahasa dan kelakuannya.
  • Kudu nepi méméh indit = Kudu direncanakan kalawan asak. Artinya harus merencanakan/ memperhitungkan sesuatu dengan baik sebelum melakukannya.
  • Kujang dua pangadékna = Hiji pagawéan anu ngandung dua rupa maksud. Artinya satu pekerjaan yang mengandung dua maksud.
  • Kulak canggeum bagja awak = Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti Nu Maha Suci. Artinya nasib yang menimpa diri sudah ditentukan oleh Tuhan.
  • Kumaha bulé hideungna baé = Kumaha engké baé buktina. Artinya bagaimana nanti saja.
  • Kumaha geletuk batuna gejebur caina = Kumaha gumantung hasilna engké. Artinya bagaimana nati hasilnya.
  • Kumaha kejebur caina geletuk batuna = Kumaha jadina baé, henteu jadi pikiran. Artinya bagaimana nanti saja tidak dipikirkan.
  • Kunang-kunang nerus bumi = Bapana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng siga bapana. Artinya ayahnya sudah tidak menjabat lagi, di anaknya awal akhir akan ada yang menjadi pejabat seperti bapanya.
  • Kuru cileuh kentél peujit = Daék tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun. Artinya mau tirakat supaya tercapai cita-cita.
  • Kéjo asak angeun datang = Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun. Artinya sejalan dengan pikiran tidak menunggu lama langsung dilaksanakan.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf L

  • Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda = Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedé baé. Artinya celaka biasanya oleh hal-hal kecil, tidak selalu oleh perkara besar.
  • Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja, lain leumpang maladra = Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh anu dijugjug. Artinya bepergian dengan tujuan yang jelas bukan pergi tanpa tujuan.
  • Lalaki langit lalanang jagat = Gagah perkasa. Artinya lelaki gagah perkasa.
  • Landung kandungan laér aisan = Gedé timbanganana, gedé pangampurana. Artinya bijaksana, pemaaf.
  • Langkung saur bahé carék = Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan. Artinya mulutnya mudah marah atau ada kesalahan dalam perkataan.
  • Lauk buruk milu mijah = Maro-marokeun manéh; pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona. Artinya ikut-ikutan melakukan perkara yang bukan keinginan sendiri tapi terbawa arus sehingga jelek kelihatannya.
  • Legok tapak genténg kadék = Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona. Artinya berpengalaman dan banyak ilmu.
  • Leubeut buah héjo daun = Keur meujeuhna loba rejeki. Artinya sedang kaya-kayanya, sedang banyak rejeki.
  • Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan = Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana; gedé tinimbangan. Artinya bijaksana dan adil dalam mengambil keputusan.
  • Leunggeuh cau beuleum = Teu bener dina ngajalankeun hiji pagawéan, memeh anggeus geus pindah kanu lain. Artinya sebelum suatu pekerjaan selesai sudah mengerjakan yang lainnya.
  • Leungit tanpa lebih, ilang tanpa krana = leungit teu aya béjana, maot teu aya kuburanana, jadi taya raratanana saeutik-eutik acan, teu aya urut-urutna acan.
  • Leutik cahak, gedé cohok = Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaranna gedé. Artinya besar pasak dari pada tiang, yaitu besar pengeluaran daripada penghasilan.
  • Leutik ringkang gedé bugang = Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah saréréa. Artinya manusia tidak bisa dianggap sepele meskipun kecil tapi kalau ada masalah/musibah tidak bisa dianggap enteng, bisa repot semua.
  • Leutik-leutik ngagalitik = Awakna leutik tapi gedé kawani, artinya tubuh kecil tapi pemberani.
  • Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét = Eusi hate jeung pikiran jelema hésé dikira-kirana. Artinya isi hati dan pikiran manusia susah dibaca.
  • Leuweung gonggong simagongong = Leuweung gerot. Artinya hutan belantara.
  • Lieuk euweuh ragap taya = Pohara miskinna nepi ka teu boga naon naon. Artinya sangat miskin tidak punya apa-apa.
  • Loba luang jeung daluang = Loba pangaweruhna artinya luas ilmu pengetahuan.
  • Loba teuing jaksa = Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan. Artinya terlalu banyak orang pintar pemberi pepatah/ nasihat sehingga membuat bingung yang dinasihati.
  • Lodong kosong ngelentrung = Loba omong ari pangartina/pangabisana mah euweuh. Artinya sama dengan tong kosong nyaring bunyinya, kata-katanya besar tapi tidak punya ilmu dan kemampuan.
  • Luhur kuta gedé dunya = Gagah tur beunghar taya kakurang. Artinya gagah dan kaya raya.
  • Lungguh timbuh andameli = Lungguh sopan kayungyun pikaresepeun. Artinya pendiam, sopan santun, dan baik.

Paribasa Sunda dan artinya dari awalan huruf M

  • Maléngpéng pakél ku munding, ngajul bulan ku asiwung = Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  • Mangpengkeun kuya ka leuwi = Nitah mulang ka lemburna atawa ka lemah caina. Artinya menyuruh pindah ke kampung halamannya.
  • Mapatahan ngojay ka meri = mapatahan kanu bisa, artinya ngasih tahu ke ahlinya.
  • Mapatahan monyet naek = mapatahan kanu bisa, nu nyaho atawa nu ahli. Artinya ngasih tahu ke ahlinya.
  • Mapay ka puhu leungeun = Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan. Artinya masalah membawa-membawa ke orangtua atau guru padahal mereka tidak tahu urusannya.
  • Marebutkeun paisan kosong = Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna. Artinya memperebutkan perkara yang tidak ada hasilnya atau tidak ada gunanya.
  • Maut nyéré ka congona = Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah. Artinya ketika masih muda senang, sudah tua susah.
  • Melengkung bekas nyalahan = Ari keur ngora kénéh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur. Artinya masih muda baik tapi sudah tua sebaliknya.
  • Meuli teri meunang japuh = Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede. Artinya mendapat keuntungan besar yang tidak disangka-sangka.
  • Meungpeun carang ku ayakan = Api-api teu nyaho, nyaho yen batur teh salah atawa migawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho. Artinya pura-pura tidak tahu.
  • Meungpeung teugeu harianeun = Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh. Artinya sama sekali tidak mau menolong orang lain yang lagi susah dan membutuhkan bantuan.
  • Miceun batok meunang coét = Miceun nu goréng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé. Artinya membuang yang jelek dengan harapan dapat yang bagus, tapi hasilnya malah dapaet yang jelek lagi.
  • Mindingan beungeut ku saweuy = Budi parangi marahmay ari haténa goréng. Budi alus keur mindingan haté nu goréng téa supaya ulah kaciri padahal batur arapaleun. Artinya perangai dan tutur katanya bagus untuk menutupi hati yang buruk padahal orang lain sudah tahu kelakuannya.
  • Mipit teu amit ngala teu ménta = Nyokot boga batur. Artinya mengambil barang orang lain.
  • Mipir pasir mapay jungkrang = Nyorang tempat anu hararese disorangna. Artinya menempuh jalur/tempat yang sudah dilalui.
  • Miyuni hayam kabiri = Leutik burih babari sumerah éléh atawa lalaki nu babari sumerah ka awéwé. Artinya penakut mudah menyerah atau lelaki menyerah ke perempuan.
  • Moal ceurik ménta eusi = Keun baé mawa wadah anu gedé ogé da lain hayang loba dibéréna. Artinya membawa wadah besar bukan ingin diberi banyak.
  • Moal néangan jurig teu kadeuleu = Arék nyekel/newak jelema nu aya baé, moal neangan jelema nu euweuh. Artinya tidak akan mencari orang lain karena pelakunya sudah jelas.
  • Mobok manggih gorowong = Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang. Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun. Artinya ada jalan untuk melaksanakan keinginan.
  • Monyét dibéré séséngkéd = Nu rék jahat rék dibéré parabot atau ahli diberi alatnya. Artinya orang jahat dimodalin, atau ahli sesuatu diberi alatnya.
  • Monyét kapalingan jagong = Tukang maok kapalingan, tukang tipu katipu. Artinya penipu kena tipu.
  • Mopo méméh nanggung = Horéam atawa teu sanggup saméméh prak. Artinya malas atau menyerah sebelum melangkah/berbuat.
  • Mun teu ngakal moal ngakeul = Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup. Artinya kalau tidak usaha tidak akan mendapat penghasilan.
  • Mun teu ngarah moal ngarih = Lamun teu digawé niar kipayah tangtu moal beubeunangan. Artinya jika tidak berusaha tidak akan mendapat bekal untuk menyambung hidup.
  • Mun teu ngoprék, moal nyapék = Lamun teu digawé niar kipayah tangtu moal beubeunangan. Artinya jika tidak berusaha tidak akan mendapat bekal penghasilan untuk menyambung hidup.
  • Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan = Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan. Artinya pulang kampung setelah bertahun-tahun di perantauan.
  • Mupugkeun tai kanjut = Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu dipikameumeut. Artinya mengeluarkan harta kekayaan yang disimpan ketika hajatan sunatan/nikahan anak yang sangat disayang.
  • Murag bulu bitis = Teu betah cicing di imah. Artinya tidak betah di rumah.
  • Méré langgir kalieun = Méré hal anu aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana. Artinya memberi sesuatu yang ada susah atau bahayanya.

Paribasa Sunda dan artinya dari awalan huruf N

  • Neukteuk curuk dina pingping atawa neukteuk curuk dina tuur = Nyaritakeun kagorengan dulur/babaturan sorangan. Artinya menceritakan kejelekan saudara/teman sendiri.
  • Neukteuk leukeur meulah jantung = Geus lain-lainna deui, geus euweuh hubungan nanaon jeung popotongan. Artinya sudah bukan siapa-siapa lagi, tidak ada hubungannya lagi.
  • Neté tarajé, nincak hambalan = Kudu merenah, tartib ti handap ka luhur. Artinya harus tertib, bertahap.
  • Nété semplék nincak semplak = Kieu salah kitu lain. Artinya serba salah, nyoba itu gagal nyoain ini rugi.
  • Nete akar ngeumbing jangkar = Lumampah ka tempat anu kacida rumpilna. Artinya menempuh jalur yang sulit.
  • Nepi ka pakotrék iteuk = Rumah tangga nepi ka kolot pisan. Artinya berumah tangga sampai tua.
  • Nepakeun jurig pateuh = Namplokeun kagorengan sorangan ka batur supaya sorangan salamet. Artinya menumpahkan kejelekan sendiri kepada orang lain supaya diri sendiri selamat.
  • Nepak cai malar cérét = Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur supaya batur ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana. Artinya membicarakan keburukan orang lain supaya nama baiknya jauh dan terkenal keburukannya.
  • Nangtung kariung ngadeg karageman = Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara. Artinya duduk bersama musyawarah memecahkan suatu perkara.
  • Nangkeup mawa eunyeuh = Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang. Artinya mencelakakan orang yang sudah menolong.
  • Naheun bubu pahareup hareup = Dina pangabutuh silih injeuman duit Artinya saling meminjam uang.
  • Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun = Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan. Artinya keras kepala tidak sabar menghadapi kesulitan dan nekat.
  • Neundeun piheuleut nunda picela = Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui. Artinya mencari jalan atau alasan supaya bertengkar dan bercerai.
  • Ngabéjaan bulu tuur = Ngabejaan jalma nu geus nyahoeun. Artinya memberi tahu orang yang sudah tahu.
  • Ngadagoan kuah beukah = Ngadagoan pasésaan kadaharan. Ieu ngan wungkul ngeunaan tukang babantu di imah batur anu saenyana ayana tukang babantu téh henteu perlu. Artinya menunggu sisa makanan.
  • Ngadagoan uncal mabal = Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki. Artinya menginginkan rejeki tapi tidak mau ikhiar mencarinya.
  • Ngadaweung ngabangbang areuy = Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih. Artinya terkenang ke masa-masa lalu sampai merasa haru/sedih.
  • Ngadu angklung di pasar = Nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba. Artinya mengurusi perkara yang tidak ada manfaatnya di muka umum.
  • Ngadu ngadu rajawisuna = Mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea. Artinya mengatakan perkatan si A ke si B dan sebaliknya akibatnya mereka bertengkar.
  • Ngadék sacékna, nilas saplasna = Ngomong saayana teu dileuwihan atawa dikurangan. Artinya bicara apa adanya tidak dilebihi dan tidak dikurangi.
  • Ngagandong kéjo susah nyatu = Loba titaheun ngan hanjakal hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh. Artinya banyak orang yang bisa disuruh tapi tidak ada yang mau disuruh.
  • Ngagedag bari mulungan = Nanyakeun perkara anu can nyaho ka batur bari embung kanyahoan urang can nyaho, jadi api api geus nyaho baé. Artinya menanyakan sesuatu pada orang lain yang kita belum tahu tapi tidak ingin ketahuan belum tahu, jadi pura-pura tahu.
  • Ngagulkeun payung butut = Ngagulkeun luluhur/turunan sorangan. Artinya menyombongkan leluhur/keturunan sendiri.
  • Ngaléng bari néké = Jiga bageur tapi aya maksud goreng. Artinya sepertu merangkul tapi memukul, seperti baik tapi ada niat busuk.
  • Ngaliarkeun taleus ateul = Ngabeja bejakeun kagorengan batur. Artinya menyebarkan kejelekan orang lain.
  • Ngarawu ku siku = Sarakah; hayang ngalakukan pagawean tapi teu itungan jeung kamampuh dirina. Artinya serakah, ingin melakukan sesuatu tapi tidak memperhitungkan kemampuannya.
  • Ngarep-ngarep béntang ragrag = Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian. Artinya menunggu/menginginkan sesuatu yang tidak mungkin terjadi.
  • Ngarep-ngarep kalangkang heulang = Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung hesena. Artinya menunggu sesuatu yang sangat sulit diperoleh.
  • Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam = Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan. Artinya baik kepada orang lain karena ingin dipuji tapi membiarkan saudara sendiri.
  • Ngeduk cikur kedah mihatur, nyokel jahe kedah micarek = Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga. Artinya kalau mengambil sesuatu harus seizin pemiliknya.
  • Ngeplek jawér, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri = Leutik burih, borangan, sieunan, kecing. Artinya penakut, tidak punya nyali.
  • Ngeupeul ngahuapan manéh = Lungas-lengis pikawelas supaya batur welaseun, asiheun jeung nulungan ka diri urang. Artinya memelas supaya orang lain kasihan/ membantu.
  • Nginjing sila, béngkok sembah = Teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan. Artinya tidak setia pada pemimpin atau atasan.
  • Ngukur ka kujur, nimbang ka awak = Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup kudu disaluyukeun jeung pangala. Artinya tau diri, mengeluarkan uang untuk keperluan hidup harus disesuaikan dengan penghasilan.
  • Ngukut kuda kuru, ari geus gedé sok nyépak = Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, tapi ari geus mulia ngalawan ka nu jadi dunungan. Artinya memelihara pembantu yang susah tapi kalau sudah berhasil melawan.
  • Ngusap birit bari indit = Ngaleos indit teu pamit kanu aya ku lantaran ambek nyedek atawa era parada. Artinya pergi tanpa pamit karena marah atau malu.
  • Nimu luang tina burang = Nambahan luang atawa pangarti wak­tu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman. Artinya bertambah ilmu pengetahuan saat mengalami kecelakaan atau hukuman.
  • Nincak parahu dua = Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan. Artinya punya dua atasan atau dua perusahaan.
  • Ninggang kana kekecrekna = Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih. Artinya buruk rupa burup juga kelakuannya.
  • Nini nini dikeningan, awéwé randa dihiasan = Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak. Artinya menaikan harga yang sudah bekas/rusak.
  • Noong ka kolong = Leutik hate, leutik pangharepan. Artinya kecil hati atau kecil harapan.
  • Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha = Nu nyaah jeung loba jasana dibales ku kanyerian atawa kagorengan. Artinya orang yang baik dan berjasa malah dibalas dengan kejelekan, sama dengan peribahasa air susu dibalas dengan air tuba.
  • Nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan = Nu keur nyeri ditambah kanyerina, nu keur susah ditambah kasusahanana. Artinya orang yang sedang susah malah ditambahin dengan kata-kata/masalah baru.
  • Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan = Ngahaminan omongan atawa carita batur anu wadul. Artinya mendengarkan omongan orang yang bohong.
  • Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang = Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya. Peribahasa ini arrtinya yang tani dan dagang penghasilannya sama-sama terpuruk.
  • Nuju hirup ninggang wirahma = Jelema anu keur alus milik. Artinya orang yang sedang mendapat milik/rejeki.
  • Nulak cangkeng dina taktak = Sombong atawa boga kalakuan asa aing anu teu sakuduna. Artinya sombong atau angkuh yang tidak semestinya.
  • Nulungan anjing kadempét = Nulungan jelema nu teu boga rasa tumarima. Artinya menolong orang yang tidak tahu balas budi.
  • Nutup lobang, gali lobang = Naur nganjuk, ngineum duit keur mayar hutang. Artinya pinjam uang untuk bayar utang.
  • Nuturkeun indung suku = Leumpang sakaparan-paran henteu puguh tujuan. Artinya berjalan tanpa arah tujuan.
  • Nya di hurang nya dikeuyeup = Kanyeri atawa wiwirangmah di sasaha ge sarua wae teu di menak teu di cacah. Artinya urusan sakit atau rasa malu di bangsawan atau di rakyat kecil juga sama saja.
  • Nya ngagogog nya mantog = Nya nitah ka batur nya prak kumanehna. Artinya menyuruh sambil melakukannya sendiri.
  • Nya picung nya hulu maung = Nu nanya jeung nu ngajawab henteu nyambung. Artinya yang nanya dan yang menjawab tidak nyambung.
  • Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah = Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar. Artinya menambah keuntungan pada yang sudah untung atau menambah kekayaan pada orang kaya.
  • Nyair hurang meunang kancra = Sugan téh rék meunang kauntungan anu leutik manahoréng meunang kauntungan gedé. Artinya dikira akan mendapat keuntungan kecil ternyata mendapat untung besar.
  • Nyaliksik ka buuk leutik = Nyusahkeun atawa menta ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana. Artinya bikin susah atau minta pada orang yang derajat dan taraf ekonominya di bawah.
  • Nyalindung ka gelung = Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Artinya menumpang hidup pada istri yang kaya.
  • Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang-walang = Masrahkeun diri rek dikuma oge sabab rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa. Artinya berserah diri mau diapain juga soalnya sudah merasa bersalah/berdosa.
  • Nyanghulu ka jarian = Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina. Artinya mengabdi pada orang yang ilmu dan derajatnya di bawah.
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang = Nyarita kudu pas, écés, ngabogaan harti. Artinya berbicara harus tepat, jelas dan bermakna.
  • Nyeri beuheung sosonggeteun = Ngarep ngarepna tapi anu diarep arep teu datang baé. Artinya menanti-nanti tapi yang dinantinya tidak kunjung datang.
  • Nyeungeut damar di suhunan = Mintonkeun kakayaan, atawa barangbéré supaya dipuji. Artinya memperlihatkan kekayaan atau memberi supaya dipuji orang.
  • Nyeungseurikeun upih ragrag = Nyeungseurikeun batur dumeh geus kaayaan kolot padahal kahareup mah ku urang bakal kasorang. Artinya menertawakan yang sudah tua padahal bakal kita lakoni.
  • Nyiar batuk piaraheun = Nyiar pipaséaeun. Artinya cari masalah.
  • Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu = Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur. Artinya pantang melakukan perbuatan yang dilarang oleh leluhur.
  • Nyieun catur taya dapur = Nganggit hiji dongéng nu teu aya galurna. Artinya mengarang cerita yang tidak ada sumbernya.
  • Nyieun heuleur jeroeun huma = Henteu raket jeung dulur atawa paharé-haré. Artinya tidak akrab dengan saudara, masing-masing saja.
  • Nyieun pucuk ti girang = Pangheulana nyieun pipaséaeun. Artinya lebih dulu bikin masalah.
  • Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait = Manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga. Artinya manusia umumnya tidak suka berteman dengan orang tidak punya.
  • Nyiuk cai ku ayakan = Pagawéan nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon. Artinya pekerjaan mubazir tidak akan menghasilkan apa-apa.
  • Nyium bari ngégél = salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna; omongannana hadé ngan haté jeung maksudna goréng. Artinya kata-katanya bagus tapi hatinya busuk.
  • Nyokot lesot ngeumbing porot = Teu aya usaha anu ngahasilkeun. Artinya tidak ada usaha yang menghasilkan.
  • Nyolok mata buncelik nganyenyeri = Ngahina, ngabibita atawa ngawiwirang di hareupeunana. Artinya menghina atau mempermalukan didepan orangnya.
  • Nyuhun nanggung ngélék ngégél = Babawaanana loba pisan. Artinya barang bawaannya sangat banyak.
  • Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju = Ménta pangampura jeung ménta timbangan da geus puguh rumasa salah jeung dosa. Artinya meminta ampun dan pertimbangan karena sudah mengaku bersalah.
  • Nyukcruk walungan mapay-mapay wahangan = Nalungtik luluhur kalayan taliti pisan pancakakina. Artinya mencari asal usul leluhur.
  • Nyugcruk galur mapay laratan = Nyusul laratan atawa mapay asal usul. Artinya mencari asal usul.
  • Nyumput buni dinu caang aya tapi teu katinggali = Nyamar dinu negrak katempo tapi teu katohyan. Artinya menyamar di tempat terbuka, diketahui tapi tidak ketahuan.
  • Nété porot ngeumbing lésot = Ihtiar ku mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae. Artinya sudah berusaha maksimal dengan segala macam usaha tapi tetap tidak berhasil.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf O

  • Omong harus batan goong = Béja gancang nerekabna, malah sok béja teh leuwih hébat batan aslina. Artinya informasi cepat viral bahkan informasi lebih hebat dari kenyataannya.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf P

  • Paanteur-anteur julang = Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina. Artinya saling antar sampai dua tiga kali.
  • Pacikrak ngalawan merak = Nu leutik ngalawan anu gedé. Artinya yang kecil melawan yang besar.
  • Pada rubak sisi samping = Sarua pada loba luangna jeung pada loba pangalamanana. Artinya sama-sama luas ilmu dan pengalamannya.
  • Pagirang girang tampian = Paunggul unggul euweuh nu daék ngelehan. Artinya masing-masing berlomba tidak ada yang mau mengalah.
  • Paheuyeuk-heuyeuk leungeun = Silih bantuan, silih tulungan atawa silih bélaan. Artinya saling bantu, bahu membahu.
  • Pait daging pahang tulang = Langka gering. Artinya jarang sakit tidak mudah terkena penyakit apapun.
  • Paluhur-luhur diuk = Pagedé-gedé kauntungan dina nyiar kipayah. Artinya berlomba mencari keuntungan.
  • Panday tara bogaeun bedog = Tukangna mah sok tara bogaeun. Artinya tukang tidak punya barang yang dia buat.
  • Papadon los ka kolong = Jalir jangji atawa teu nedunan jangjina. Artinya ingkar janji.
  • Peureum kadeuleu beunta karasa = Inget baé, teu bisa poho; boh kana barang atawa ka jelema anu dipikancinta. Artinya teringat selalu, baik pada barang atau pada orang yang dicintai.
  • Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir = Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang. Artinya menginginkan yang tidak sederajat tentunya tidak akan tercapai.
  • Pindah cai pindah tampian = Unggah adat adat atawa robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan. Artinya bertingkah atau pindah tempat berubah kebiasaan.
  • Pinter aling laing bodo = Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab éta nyeta nyeta anu bodo. Artinya orang pintar tapi pura-pura bodoh supaya tidak ketauan orang kalau dirinya pintar.
  • Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak = Milih hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goréng. Artinya memilih sesuatu secara hati-hati agar mendapat yang lebih baik tapi kenyataannya malah dapat yang lebih jelek.
  • Piritan milu endogan = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan. Artinya ikut-ikutan pada urusan karena terbawa arus, bukan atas dasar keinginan sendiri.
  • Piruruhan katengah imahkeun = Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan. Artinya orang pemalu/ dusun di bawa ke keramaian.
  • Pondok jodo panjang baraya = sanaja teu ngajodo tapi silaturahmi kudu tetep dijaga. Artinya meskipun tidak berjodoh tapi harus tetap menjaga silaturahmi.
  • Poék mongkléng buta rajin = Poék pisan. Artinya sangat gelap.
  • Pupulur méméh mantun = Menta buruhan méméh digawé. Artinya minta upah sebelum bekerja.
  • Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging = Dina teu bener na anu diboréhan, boréh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun. Artinya harus membayar utang orang yang diberi jaminan.
  • Puraga tamba kadengda = Migawé hiji pagawéan tapi henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hadé hasilna ieu mah supaya ulah dipaido baé. Artinya mengerjakan suatu pekerjaan tidak sungguh-sungguh tapi supaya tidak dimarahi saja.

Paribasa Sunda dan artinya dari awalan huruf R

  • Raweuy beuweungeun rambay alaeun = Loba dahareun da loba pepelakan. Artinya banyak makanan karena banyak tanaman.
  • Rumbak caringin di buruan = Dina hiji kasusah atawa karerepet geus teu boga kolot anu mepelingan ka urang. Artinya dalam keadaan susah orang tua yang biasanya menenangkan sudah tidak ada.
  • Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum = Maot; sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot. Artinya meninggal.
  • Rusuh luput gancang pincang = Migawé naon baé anu rurusuhan temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun. Artinya mengerjakan sesuatu dengan tergesa-gesa kibatnya menyesal karena hasilnya mengecewakan.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf S

  • Sabuni-buni anu ngising = Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé ari laku lampah anu goréng mah awal akhir kudu kanyahoan. Artinya meskipun disembunyikan kelakuan jelek tetap akan ketahuan juga.
  • Sagalak-galakna macan tara ngakan anakna = Sagalak-galak na indung bapa umumna tara tega kanu jadi anak. Artinya kegalak-galaknya orang tua tidak akan tega pada anaknya sendiri.
  • Sagolék pangkék sacangreud pageuh = Hanteu cidra kana jangji. Artinya tepat janji.
  • Sahaok kadua gaplok = Gede ambek jeung babari nampiling. Artinya gampang marah dan ringan tangan.
  • Saherang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisumur = Lamun geus aya pacengkadan sok tara hadé deui cara baréto saméméh aya pacengkadan. Artinya jika sudah ada pertengkaran tidak seperti dulu sebelum ada pertengkaran.
  • Sahérang-hérangna cai béas = Haté hésé rido ka jelema anu geus nganyenyeri ka urang. Artinya hati tidak ikhlas benar-benar kepada orang yang sudah menyakiti.
  • Sakecap kadua gobang = Gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih. Artinya mudah marah dan gampang menebas.
  • Sakiriciking duit sakocopoking bogo = Naon baé anu matak narik kana hate urang. Artinya segala sesuatu yang menarik hati.
  • Saluhur-luhur punduk tara ngaliwatan hulu = Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru. Artinya sepintar-pintarnya murid tidak akan melebihi guru.
  • Samar polah samar rasa = Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi tacan bruk-brak. Artinya bingung tidak jelas misalnya bertemu dengan orang yang dicintai tapi belum diungkapkan.
  • Sangsara di geusan betah = Sangat miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawé nyiar kipayah, ari hirup mah hayang kénéh. Artinya sangat tidak punya karena tidak mau bekerja tapi masih ingin hidup.
  • Sapu nyéré pegat simpay = Paturay tineung, papisahan. Artinya perpisahan.
  • Sareundeuk saigel sabobot sapihanéan = Sabata sarimbangan; Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan. Artinya rukun sauyunan tidak ada perpecahan dan tidak ada pertengkaran.
  • Satengah buah leunca = Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan. Artinya kurang sehat pikiran, gangguan jiwa.
  • Saumur nyunyuhun hulu = Saumur hirup rumingkang di bumi alam. Artinya seumur-umur.
  • Sereg di buana logor diliang jarum = Teu daek cicing di nu rame sabab sieun kulantaran loba kasalahan atawa dosa, karesepna cicing di nu suni. Artinya tidak betah tinggal di tempat ramai sebab punya banyak kesalahan.
  • Sereg di panto logor di liang jarum = Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra, betahna dinu suni nu teu aya jelema. Artinya tidak betah di tempat yang banyak orang karena malu, atau banyak dosa. Betahnya di tempat sepi yang jauh dari orang.
  • Seukeut ambeu seukeut deuleu = Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara. Artinya banyak mata-mata dan pintar mencari sumber perkara.
  • Seukeut tambang manan gobang = Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi. Artinya segagah dan seberani apapun orang jahat suatu saat akan tertangkap polisi.
  • Seuneu hurung cai caah = Keur ambek, keur amarah, keur napsu. Artinya sedang marah, sedang emosi.
  • Seuneu hurung dipancaran = Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah. Artinya yang sedang emosi ditambahin sesuatu yang bikin kesal jadi tambah marah.
  • Seungit angin-anginan = Seungit pisan meleber ka mana-mana. Artinya harum ke mana-mana.
  • Seuseut batan neureuy keueus = Hésé pisan, artinya sangat susah.
  • Siga careuh bulan = Diwedak kandel artinya memakai bedak tebal.
  • Silih jenggut jeung nu gundul = Ménta tulung ka anu sarua butuhna atawa sarua henteu boga. Artinya minta tolong pada orang yang sama butuh atau tidak punya.
  • Sing asak-asak nya ngéjo bisi tutung tambagana = Cangkang sisindiran sing asak nenjo bisi kaduhung jagana. Artinya harus hati-hati supaya tidak menyesal akhirnya.
  • Sirung ngaliwatan tunggul = Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa. Artinya rejeki anak melewati bapak.
  • Sosoroh ngadon kojor = Datang nyampeurkeun pati atawa kikiriman lantaran aya pangarahan tapi kalahka meunang wiwirang jeung karugian. Artinya datang menyerahkan nyawa atau mengirim sesuatu karena ada keinginan tapi bukannya untung malah rugi dan menanggung malu.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf T

  • Taktak moal ngaluluhan sirah = murid moal ngaluluhuran guru, bawahan moal ngaluluhuran dunungan, anak moal ngaluluhuran kolot, adi moal ngaluluhuran lanceuk, jeung sajabana. Artinya murid tidak akan melebihi guru, bawahan tidak akan melebihi atasan, anak tidak akan melebihi orang tua, adik tidak akan melebiri kakak.
  • Tamiang meulit ka bitis = Malindes ka diri sorangan. Artinya sama dengan peribahasa senjata makan tuan, yaitu menerima akibat dari kelakuan jahat sendiri.
  • Tarajé nangeuh dulang pinandé = Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener. Artinya setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar.
  • Taya halodo panyadapan = Terus digelendeng atawa dicarékan. Artinya terus-terusan dimarahi.
  • Taya tangan pangawasa = Lungse henteu boga tanaga. Artinya lemas tidak bertenaga.
  • Téng anak téng, anak merak kukuncungan = Sipat anak teu jauh ti sipat kolotna. Artinya sifat anak tidak jauh beda dari sifat orang tuanya, sifat orangtua menurun kepada anaknya.
  • Teu aya sarebuk samerang nyamu = Teu aya saeutik eutik acan. Artinya tidak ada sedikitpun.
  • Teu beunang dikoét kunu kékéd = Korét kacida, tara pisan daek nulung ka nu butuh nalang ka nu susah. Artinya sangat pelit tidak suka membantu orang yang membutuhkan.
  • Teu boga pikir rangkepan = Teu boga curiga saeutik eutik acan. Artinya tidak waspada atau tidak punya rasa curiga sedikitpun.
  • Teu busik bulu salambar = Teu régrog, malah unggul dina juritna. Artinya tidak luka atau menang dalam pertempuran.
  • Teu cari ka Batawi tapi ka salaki = Awéwé mah teu usaha tapi ngadahar jeung maké hasil pangarah salaki. Artinya perempuan tidak bekerja tapi makan dan memakai pakaian hasil usaha suami. (Note: Jaman sekarang banyak perempuan yang bekerja).
  • Teu didingding kelir = Teu dibuni-buni, ditembrakeun, teu dirasiahkeun. Artinya tidak disembunyikan, tidak dirahasiakan, tidak ditutup-tutupi, diceritakan apa adanya.
  • Teu dipiceun sasieur atawa teu miceun sasieur = Sarua pisan teu aya bédana saeutik eutik acan. Artinya sangat mirip tak ada bedanya.
  • Teu ditari teu ditakon = Teu waro diantep baé teu ditanya tanya acan. Artinya dibiarin tidak ditanya tidak disapa.
  • Teu gugur teu angin = Teu aya beja atawa taya cicirén. Artinya tidak ada pertanda atau kabar sebelumnya.
  • Teu ihir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan = Teu dulur, lain baraya, deungeun deungeun. Artinya bukan saudara, bukan keluarga, orang lain/asing.
  • Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah = Nya goréng rupana nya goréng kalakuanana sok daék pulang paling. Artinya tidak bagus wajah dan kelakuannya lalu suka mengambil barang orang.
  • Teu mais teu meuleum = Teu aya patalina pisan, teu pipilueun. Artinya tidak ikut berbuat, tidak ada hubungannya, tidak ikut-ikutan.
  • Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan = Ngalajur napsu ka awéwé, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun baé. Artinya mengikuti hawa nafsu bermain perempuan tanpa peduli halal dan haram.
  • Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata = Ngadéngé jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk. Artinya mendengar dengan telinga sendiri dan melihat dengan mata sendiri, bukan katanya.
  • Teu nyaho di alip bingkeng = Teu bisa maca-maca/ngaji-ngaji acan. Tidak bisa membaca atau tidak bisa ngaji satu huruf pun.
  • Teu puguh alang ujurna = Teu puguh tungtungna, teu bérés. Artinya tidak jelas benang merahnya, tidak beres.
  • Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang = Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan. Artinya harus kenal dan akrab sebab akibatnya sangat baik.
  • Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal = sakujur awak artinya sekujur badan dari atas rambut sampai alas kaki tanpa kecuali.
  • Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban = Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan. Artinya beberapa kali/sering mengalami kerugian.
  • Tiis ceuli herang mata = Tengtrem atawa ngarasa sugema ku kaayaan. Artinya tentram dengan kondisi yang ada, keadaan yang bikin tentram dan bahagia.
  • Tikoro andon péso = Ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang. Artinya mendekati orang yang akan menghukum atau melukai diri kita.
  • Tinggar kalongeun atawa teunggar kalongeun = Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarékan. Artinya tidak takut atau tidak nurut karena terlalu sering dimarahin atau dibentak.
  • Tipu keling ragaji Inggris = Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu batur. Artinya pintar dalam hal kejahatan atau ngebohongi orang lain.
  • Titip diri sangsang badan = Mihapékeun manéh artinya mentipkan diri.
  • Titirah ngadon kanceuh = Arek nyiar kasenangan tapi kalah pinanggih jeung kasusah nu leuwih gedé. Artinya ingin mencari kesenangan tapi malah mendapat kesusahan yang lebih besar.
  • Totopong heureut dibébér-bébér, tangtu soéh = Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu matak jadi susah atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana. Artinya mencukupi keperluan yang banyak dengan penghasilan yang sedikit, jelas susah.
  • Tugur tundang cuntang gantang = Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara, babakti ka nagara. Artinya menjani pekerjaan untuk berbakti pada nusa dan bangsa.
  • Tunggul dirarud catang dirumpak = Euweuh anu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu. Artinya mengikuti hawa nafsu tanpa ada yang ditakuti.
  • Tunggul sirungan, catang supaan = Aya kajadian anu goréng atawa matak teu genah ahirna. Artinya ada kejadin buruk atau masalah di kemudian hari/di akhir.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf U

  • Ulah beunghar méméh boga = Ulah adigung nyéta-nyéta anu beunghar, bari taya kaboga. Artinya jangan sombong seolah-olah kaya padahal tidak punya.
  • Ulah cara ka malati kudu cara ka picung = Ulah bosenan ka pamajikan, tong ngurangan kanyaah tapi beuki lila téh kudu beuki nyaah. Artinya jangan mengurangi rasa sayang, makin lama harus makin sayang.
  • Ulah kabawa ku sakaba-kaba = Junun, ulah kabawa ku nu teu puguh, ulah kabawa ngalampahkeun kagorengan. Artinya tetap pada pendirian yang baik, jangan terbawa arus tidak baik.
  • Ulah keok méméh dipacok = Ulah sieun saacan ngalakonan, artinya jangan kalah/menyerah sebelum berbuat.
  • Ulah leutik haté = Ulah sieun atawa putus pangharepan. Artinya jangan berkecil hati, jangan putus harapan.
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang = Uah lali tina purwadaksina, ulah jalir jangji. Artinya harus bisa dipegang jangan lupa diri, jangan ingkar janji.
  • Ulah muragkeun duwegan ti luhur = Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé ladang késang, pacuan arék dimonyah-monyah. Artinya harus sayang pada rejeki hasil jerih payah jangan dihambur-hamburkan.
  • Ulah ngaliarkeun taleus ateul = Ulah nyeubarkeun pitnah. Artinya jangan menyebarkan fitnah.
  • Ulah ngukur baju sasereg awak = Ulah nyimpulkeun perkara ceuk sorangan, artinya jangan menyimpulkan menurut diri sendiri.
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik = Ulah nyangsarakeun rakyat leutik. Artinya jangan menyengsarakan rakyat kecil.
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian = Ulah rebutan kakawasaan atawa ulah parasea. Artinya jangan berebut kekuasaan atau jangan bertengkar.
  • Ulah pangkat méméh jeneng = Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng. Artinya jangan sombong menyaingi orang yang sudah punya pangkat.
  • Ulah tiis-tiis jahé = Kudu iatna, kudu cingceung. Artinya jangan lengah harus waspada.
  • Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan = Lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade ulah kagoda, kaganggu atawa kabengbat ku rupa rupa. Artinya jika sedang melakukan hal baik jangan terganggu oleh godaan apapun.
  • Uncal tara ridu ku tanduk = Teu ngarasa riweuh atawa ridu ku elmu atawa barang nu bakal mangpaat. Artinya ilmu tidak akan repot dibawa kemana-mana, jangan merasa repot membawa barang yang berguna/bermanfaat.
  • Uyah mah tara téés ka luhur = Sipat kolot nurun ka anakna. Artinya sifat baik maupun jelek orang tua akan menurun kepada anaknya.

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf W

  • Waspada permana tingal = Bisa nyaho kana naon anu bakal kajadian. Artinya mengetahui sesuatu yang akan terjadi.
  • Weruh sadurung winarah = Geus nyaho saméméh dibejaan/kajadian. Artinya sudah tahu sebelum dikasih tahu/ sebelum terjadi.
  • Wiwirang di kolong catang nya gedé nya panjang = Wiwirang nau pohara gedéna. Artinya malu luar biasa.

Sumber : SUNDAPEDIA.COM, Oleh Husni Cahya Gumilar

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Arti dan Contoh Kecap Rekaan Basa Sunda